Ageman

Sakabeh umat manusa ngagaduhan agama boh rek Islam, Nasoro, jeng sajabana. Agama lamun di Indonesia diartikeunna kirang langkung aturan anu kudu ditaati ku sakabeh insan/manusa jeung kedah dimumule ku anu nganut eta agama. Di ieu kaca nyobaan ngarewong sugan aya hartosna jeung mangfaatna keur balarea.

Dina danget-danget ieu agama loba anu ngarecokeun diantawisna dina widang hukum perkawinan sareng waris anu teu sesuai jeung hukum Islam anu geus aya dina Al Qur'an jeung Hadits, ngan samentawis ieu para pemikir ngadopsi kana perasaan haté dina istilah agama Islam disebut Ro'yu, anu pohara jadi bahayana ka umat anu nganut agama Islam diantawisna anu kurang cocok dilarapkaeun sapopoé keur urang diantawisna:

  1. Awéwé bisa kawin tanpa wali
  2. Awéwé bisa nalak lalaki
  3. Perkawinan poligami ditentang ku kaum awéwé
  4. Bagi waris kudu sarua awéwé jeung lalaki
Kumaha urang balaréa nyikapi perkawis agama ieu anu disodorkeun ku para pemikir aheng malah nyimpang tina tatanan/ aturan agama jeung budaya Islam jeung budaya Indonésia anu kacida anehna can bisa kapikir kunu jalmi bodo saperti kuring sorangan. Ngan untung undang undang agama anu anyar ditolak ku Mentri Agama, patut acungan jempol keur mentri agama anu kacida tegasna. Kuring ngarasa reueus pisan ka pamarentah anu geus merenahkeun éta undang-undang / hukum Islam dina wewengkon di Indonésia jeung ngarasa daria khususnya ka MUI ogé ngarasa tegas jeung teu aya tendeng aling-aling.

0 Waleran Dina “Ageman”