Agama Sunda Wiwitan

Agama Sunda Wiwitan nyaéta agama nu dipercaya ku masarakat Kanékés atawa Baduy. Ageman ieu biasa disebut oge agama Jatisunda dina Carita Parahyangan. Asal kecapna tina wiwitan, anu mibanda harti mimiti, asal, poko. Aci-acining ajaran agamana mah teu pati réa nu apal, jeung tacan aya panalungtikanana. Ieu hal teh dibalukarkeun ku ayana sikep nu nutup diri ti nu muhitna.

Seuhseuhanana mah kakawasaan nu pangluhungna téh aya di Sang Hyang Keresa (Nu Maha Kawasa) anu biasa disebut oge Batara Tunggal (Nu Maha Tunggal), Batara Jagat (Nu Ngawasa Jagat), jeung Batara seda Niskala (Nu Goib).

Dunya dina sawangan agama Sunda Wiwitan dibagi tilu, nya éta Buana Nyungcung (Dunya Luhur), Buana Panca Tengah (padumukan manusa), jeung Buana Larang (naraka).

0 Waleran Dina “Agama Sunda Wiwitan”