Radén Barnas Somantri

Radén Barnas Somantri, lahir di Jakarta, 18 Agustus 1932. Ibu ramana kawit ti Cinunuk, Kabupatén Garut. Sakola panungtunganana mung dugi ka HIS, teu diteraskeun ka sakola nu langkung luhur, margi waktos harita nuju raména tentara Jepang ka Indonésia nu nyambung kana révolusi politik.

Dina taun 1943, anjeunna kantos janten tukang ibing Sunda atanapi tayuban, di Jakarta. Lajeng taun 1948 janten dalang wayang golék di sabudereun Kabupatén Garut, Jawa Barat sareng rombongan Wayang Golek Penra pimpinan R. Lili Somawiria (1948).
Taun 1949 neraskeun janten tukang ngibingna, ngahibur sakumna nu bajuang sareng TNI di wewengkon Jawa Barat.

Taun 1951-1967, Radén Barnas Somantri kagungan pancén damel di Departemen Penerangan, nanging kuriweuhna nyepeng sababaraha hiji kagiatan, utamana dina seni ibing sareng padalangan, sababaraha taun lirén tina padamel negrina. Nanging diteraskeun janten padamel di RRI dugi ka pansiunna taun 1988.
Salami di RRI Jakarta, anjeunna kapeto janten pupuhu seni Sunda, pangaping acara ’Mengenal Budaya Nusantara’, ’Mengenal Dunia Pewayangan’, sareng pintonan ’Wayang Golek Sunda’, ogé sandiwara radio basa Sunda.

Pangalaman sanésna dina widang seni, anjeunna kantos ngadegkeun sakola padalangan Tumaritis di Jakarta (1955-1962), mimpin Penyelenggaraan Pendidikan Seni Pedalangan Sunda nu diayakeun Dinas Kebudayaan DKI Jakarta (1970-1974). Janten pupuhu Pertunjukan Kesenian Sunda Badan Musyawarah Pembina Seni Budaya Sunda (BMP/SBS) di Pusat Kesenian Jakarta - Taman Ismail Marzuki (1972-1974) sareng Seleksi Pedalangan BMP/SBS (1974-1978).

Kantos kapeto janten Komisaris Pendidikan Persatuan Pedalangan Indonesia (PEPADI) Komda DKI Jakarta (1975), Wakil Kepala Bidang Karawitan Senawangi (Sekretariat Nasional Pewayangan Indonesia) nu panungtungan janten Wakil Sekretaris Jendral III SENAWANGI (1993).
Ngawuruk élmu Pedalangan Sunda-Betawi, teu kalangkung janten nara wicara dina sababaraha rupi acara panglawungan seni katut budaya Sunda.

0 Waleran Dina “Radén Barnas Somantri”